Wilujeng Mang!


Tadinamah ka kampus teh rek ka jurusan, moal miluan acara di BPU. Ka kampus teh rek mereskeun masalah administrasi seminar matematika nu can beres, padahal acarana mah geus kaliwat. Ngahaja mereskeunana poe minggu teh meh jongjon, taya nu ngaganggu.
Ngan hanjakal, babaturan kuring nu boga konci jurusan nga sms, ngabejaan yen gedung JICA dikonci. Karek inget, ari minggu mah JICA pasti dikonci, kecuali aya acara. Kuring jadi males ka JICA na ge. Antuknamah kuring jadi miluan acara nu di BPU. Kabeneran pun emang jadi salah saurang nu meunang penghargaan Hadiah Hardjapamekas.

hardjapamekas

Aya rasa reueus jeung agul, sabab pun emang geuningan boga prestasi nu hebat. Komo ieu penghargaan karek dilaksanakeun taun ayeuna. Loba inohong Sunda nu ngahadiran ieu acara. Aya Ajip Rosidi, sastrawan sunda nu ngadegkeun Yayasan Rancage, Hawe Setiawan, Syafik Umar, Pemimpin Umum Pikiran Rakyat, jeung nu lianna, nu kuring teu apal ngaranna. Malah cenah ceuk kapi lanceuk kuringmah, abah daus oge, salah saurang pamaen Sasagon, hadir. Rektor UPI, Sunaryo Kartadinata oge hadir. Dina ieu acara Pa Rektor ngadugikeun biantarana make basa Sunda. Kakaraeun kuring ngadenge Pa Rektor nyarios make basa Sunda. Geuningan lancar. Hehe… Reueus lah pokonamah. Tah kitu atuh pa, tong mamalayuan wae hehe..
Dina eta acara, kuring dititah pangmotoankeun acara. Ari potona geuning make kamera SLR manual, nu masih keneh make film. Padahal kuring can oernah make kamera model kitu. Komo nu manualmah. Untung we kapi lanceuk kuring nu kuliah di geografi mawa kamera digital. Salamet. Akhirnamah kamera digital nu dipakena. Ari nu manual ngan dipake motoan nu teu parenting. Barinage da kemungkinanana gagal hasil jepretanana. Geuningan hese make kamera manualmah, kudu bisa ngepaskeun jarak jeung ukuran lensana. Teu siga kamera digital nu geus sarwa otomatis.
Beja ceuk cenah, hadiah Hardjapamekas ieu dihaturkeun ka guru-guru basa, pangppangna guru basa sunda di SD, SMP jeung SMA nu dianggap pinunjul prestasina. Hadiah ieu karek diayakeun tahun ayeuna. Rencananamah tiap taun rek diayakeun acara samodel kieu.Wilujeng Mang!


0 responses to “Wilujeng Mang!”

  1. Han!
    Nuhun Jang, geuningan hidep bisa nulis make Basa Sunda. Pek tuluykeun sarta amalkeun boga kabisa teh. Saha nu nyaho bisa nuturkeun Emang. Ayeuna mah da geus jadi guru, hese jeung gejed tulas-tulis teh, teu cara baheula jaman anyar keneh lulus jadi sarjana, haneut keneh ngaleupaskeun status mahasiswa. Hih…. da murudul atuh tulisan teh. Ngan hanjakal jaman harita mah can usum didigitalan jeung iinternetan. Jadi we manual sarta arsipna ukur dina keretas koran. Kitu ge mun apik diteundeun. Geura teangan dina koran Sunda GALURA taun 1990-qn nepi ka taun 1994-an.
    Prung…ah! Sing rancage di hate……!

Ada komentar?

This site uses Akismet to reduce spam. Learn how your comment data is processed.